Cifra Club

Sisi Laut Pangandaran

Doel Sumbang

We don't have the chords for this song yet.

Harita basa usum halodo panjang
Calik paduduaan
Dina samak salambar
Hmmm.. saksina bulan anu sapotong
Hmmm.. saksina bentang anu baranang
Aya kasono aya katresna
Aya kadeudeuh aya kanyaah
Ngabagi rasa bungah jeung bagja duaan
Aya kasono aya katresna
Aya kadeudeuh aya kanyaah
Ngabagi rasa bungah jeung bagja duaan
Sisi laut Pangandaran?
Tina ati pada pada kedal jangji
Urang silih asuh silih asih silih jadi
Deg ngadegkeun arti asih saenyana
Deg ngadegkeun arti deudeuh saenyana
Ulah dugika rasa katresna
Kerep ngagedur ukur amarah
Nu balukarna nuntun kana jalan salah
Sisi laut Pangandaran?
Reup dicanggreud hate geus pageuh kabeungkeut
Sisi laut Pangandaran?
Reup dicangkrem beuki rapet beuki deudeuh
Sisi laut Pangandaran?..

Other videos of this song
    0 views

    Chord tuning

    Online tuner

    Ops (: Content available only in Portuguese.
    OK